16 Agustus 2009

Khutbah Nikah Bahasa Sunda

Puji anu jadi panghais ati, Fuja anu jadi panghias rasa, Fuji urang sungkeun ka Gusti nu maha suci nyaeta Alloh Robbul Izzati, fuja urang sanggakeun kanu maha kawasa nyaeta Alloh Azza Wazalla, anu mana nitih wanci anu mustari ninggang dina mangsa anu lugina, taqdir tetiasa dipungkir Qadar tetiasa di singular urang sadayana dina wengi nu ayeuna tiasa riung mungpulung patepung lawung paamprok jenghok, pateupang wajah dina haflah mubarokah nu mudah-mudahan ieu riungan sing di janteunkeun ku Alloh, sing dicatetnkeun dina hiji kasaean kin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin……

Teu hilap solawat siraneung salam mugia sing dikocorkeun, dikucurkeun, oge di kecerkeun ka jungjunan urang sadayana anu pang nyongcolangna sa alam marca pada ya’ni Habibana, wanabiyana Muhammad SAW. oge kulawargina, shoabatna tabi’in sareng tabi’atna tug dugi ka urang sadayana anu hadir dina ieu tempat mudah-mudahan kenging syafa’atna kin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin……

Para hadirin rohimakumulloh..!
Sateacana simkuring ngabahas masalah anu aya patula-patali, pakuat- pakait dugika pajeujeutna jeng masalah nikah mangga urang leuyeupan heula dauhan Alloh dina al-Qur’an anu unggelna :

وخلقنكم ازواجا
“jeng geus nyiptakeun kami ka maraneh kabeh barina sa jodo-sajodo”

Tegesnamah aya langit aya bumi, aya beurang aya peuting, aya caang aya poek, aya jangkung aya pendek aya mancung aya pesek, nyakitu deui aya lalaki aya awewe. Intinamah Alloh nyiptakeun ka makhlukna teh pasang-pasangan, dua-dua. Bahkan jikalau kita tela’ah organ tubuh urang oge namina teh dua-dua. Anu pang hanapna namina ku…ku..naek kaluhur namina ping…ping, tatangga ping-ping namina tit…tit naek deui kaluhur namina da…da…, tatangga da-da namina su..su… luhureun susu namina tak…tak… naek deui kaluhur namina pi…pi… tah ieu nu terahir (bari nunjuk kana tarang) namina nong…nong.. jadi atu tetela pisan yen Alloh nyptakeun makhlukna teh sajodo-sajodo, pasang-pasangan, dua-dua, dugina ka nami-namina


Hadirin rohimakumulloh...!”
Lamun urang ngabahas nikah minimalna bakal aya opat pertarosan.
Naon ngaran nikah..?
 Saha anu kudu nikah...?
 Kasaha kudu nikah,,,?
 Naon bae langkah-langkah saba’da nikah...?

Maka ieu pangaosan ku simkuring dibagi jadi ermpat babak tidak besambung
Babak pertama : naon ari ngaran nikah ? jawab : anu mana ngaran nikah teh mun ceuk bahasa santrimah ta’rif nikah mun ceuk nusakolamah definisi nikah ? Definisi ieu ka bagi dua :
1. Secara Ethimologi (lughowi)
2. Secara Terminologi (istilah)

Para hadirin rohimakumulloh....!”
Nikah secara Lughowi tos ka uninga kusadayana dina kitab-kitab fiqih nyaeta :
الاجتماع
“kadar-kadar kumpul”
Ngaran nikah secara istilah nyaeta : (فتح المعين : جلد ٣)
Tapi saur pamudamah nikah teh singkatan tina Nun (Ni’mat) Kaf (Karasa) Ha (Haneut). Jadi atuh-atuh jadi nikah teh singkatan tina ni’mat karasa haneut. Tapi saur sepuhmah : Nun (Ni’mat)... kitu oge ceunah... cek bapana budak. Da anu sing jareuntul didieu oge tina hasilna tina nikmatna nikah, da niatmah da lain nyieun anak tapi nyieun enak. Lereus............!”



Sakumaha ceuk Qo’idah :
نعمة الدنياثلاثة فلتعتبر * لمس وقبلة وادخال الذّكر

“ Nikmat dunya sadayana aya tilu
Nyabak nyieun ngasupkeun anu ngabeuntelu “
Tapi eta nikmat nikah teh ngan dua rebo kaditunamah dedeieun saba’da ni’mat timbul nu kadua nyaeta Kaf (Karohah) hartosna pikangewaeun, pikasebeleun da ningali pamajikan reuseup soteh ker panganten anyar, ningali pamajikan teh jiga Shopia Laurent, jiga Lidia Kandau, jiga Krisdayanti, tapi lamun geus bereset budak tilu beulas mah, komo lamun ker gendut, ningali pamajikan jiga buntelan, keur panganten anyarmah, ningali pamajikan teh di teuteup ti hareup sieup, disawang titukang kenjang ditilik ti gigir leunggik, tapi ges bereset budak tilu belasmah beda deui bahasana. Di teuteup ti hareup jiga keyeup, disawang titukang jiga hurang, ditilik ti gigir jiga langgir di ukur tiluhur jiga undur-undur, diragap tihanap jiga hap-hap, tah ieu anu disebut Karohah teh tegesna pikangewaeun.

Salajeungna timbul nu katilu nyaeta Ha, ieu mah aya dua alternatif. Lamun nyanghareupan Karohah...lulus, maka Ha na teh hasanah teugeusna keluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah (keluarga anu didasaran ku cinta jeng kasih sayang), tapi lamun nyanghareupan Karophah hanteu lulus maka Ha na teh Hazanah (keluarga nu awet rajet) anu didasaran kurasa egois jeng emosi. Mudah-mudahan ieu panganten sing kalebeut keluwarga anu Mawadah Warohmah. Amiiin......!”

Para hadirin rohimakumulloh...!”
Babak anu kadua nyaeta saha anu kudu nikah teh? Waleranana pidawuh rosul :




“wahai para pemuda …sing saha jalma anu geus sanggup di antara anjeun kabeh kana mere nafkah(dzohir batin) maka pek geura nikah”
Dina ieu hadist, rosul ngahimbau ka para pemuda, anu geus memasuki masa fuber, mun ceuk bahasa Indiana mah beuger eta mah rek si fery, si frengki, si jacky, kecuali aki-aki, anu geus sanggup nganafkahan dzohir jeng batin tegesna mah geus bisa maraban biwir luhur jeung handap maka pek geura narikah. Atuh pemuda anu ngan saukur rambut gondrong kerjaan nongkrong, bujal bodong hobi nampang tapi jajan ngutang, eta mah teu acan ka leubeut hadist rosul anu bieu.
Babak katilu : ka saha kudu nikah teh? Walerannana nyaeta pidawuh Allah dina Al-Qur’an.

فانكحوا ماطاب اكم
“ Maka kudu narikah maraneh kabeh kanu di pikacinta ku maraneh kabeh”
Dina ieu ayat Alloh marentah nikah teh Alloh marentah nikah kanu di pikacinta lain kanu geulis, lamun Alloh marentah nikah kanu geulis, maka awewe anu peunteun 3 ½ keur saha? jeung lamun Alloh marentah nikah kudu kanu kasep simkuring saha layanna. Tapi perlu kita garis bawahi anu di maksud ku geulis didie teh lain geulis ceuk si Mamat anu di ukur ku syahwat, tapi geulis mungguh Agama nyaeta anu dan din dun (pinteur dan-dan) din (alus agamana) dun (alus dunyana) lain anu dat dit dut.(goring adat) dit (pedit) dut (siga badut samutut ari jeung hitut) ngan eta anu dan din dun teh langka pisan di zaman kiwari mah tapi euweuh-euweuh teing mah te kudu hese nu penting bageur, pinter, beunghar, keun bae geulis oge.
Bapak ka opat : naon bae langkah-langkah saba’da nikah ? waleran nana dawuaha Alloh dina Al-Qur’an :
وعا سروهنّ بامعروف

“Perlakukeun istri-istri maraneh kabeh kalawan hade”
Tegesnamah salaki kudu bisa memperlakukeun istrina kalawan alus atuh salaki teh kudu apal kana haq jeng kawajiban nana, anu mana kawajibanna teh ngan aya opat :
 Ngimahan sing pageuh
 Makean anu weuteuh
 Maraban sing nepika seubeuh
 Ngendongan sing nepika reuneuh
Nya kitu deui, Istri sing apal kana hak jeung kawajibanna. Anumana kawajibanana sami aya opat diantarana masak, diwedak, nangkarak, ngadengkak. Tah insya Alloh, upami duanana tiasa ngalaksanakeun kana tugas jeng kawajiban, bakal terwujud keluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah nyaeta keluarga anu bahagia, keluarga anu didasaran ku cinta sareung kasih sayang, cindekna mah ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, ka cai daraek ngaji, ka darat daraek sholat. Se ia se kata, se iring sejalan, runtut raut sauyunan dugika paketrok iteuk, bahkan dugika poe Qiyamah.

Para hadirin Rohimakumulloh…!”
Supaya ieu dua mempelai tetep renggenek dina sakinah Mawadah Warohmah sim kuring pesen :
• Sing yakin ieu jodo teh taqdir Alloh SWT. dihin pinasti anyar pinanggih ti barang saratus dua puluh dinteun anjeun aya dina patuangan ibu ku Alloh parantos di pastikeun yen jodo jang…… bakal nikah ka neng…. Sing yakin dina hate supaya urang bisa tumarima kana kapastian Alloh
• Kudu husnudzon (hade sangka ka Alloh), bahkan ku jodo anu ieu urang bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup, ku jodo anu ieu urang bakal nyieun wasilah pikeun ngahontal Mardlotillah.
• Ieu aqad tikah teh sing jadi pertikahan anu pertama jeung anu terakhir, tegesna panungtungan masa pacaran, ti kawit ayeuna anjeun duaan lebet kana alam rimbitan, alam rumah tangga anu dibengkeut ku SSTB (Surat Tanda Tamat Bobogohn) sa ba’da nikah mah kudu bogoh nyaan.
• Ku aqad tikah indung bapa urang jadi nambahan nyaeta mitoha, dulur, lanceuk, adi, jeung anu liana
• Ku aqad tikah jadikeun sarana pikeun ibadah ka Alloh, ngabakti ka Alloh.
Para hadirin rohimakumulloh…!”
Rupina cariosan ti sim kuring di cekapkeun sakieu bae kirang langkungna mah nyuhukeun dihapunteun, bobot sapanon carang sa pakan, sasieureun sabeunyeurenmudah-mudahan aya manfa’atna, anu terakhir ieu panganten urang du’a keun ku sadayana (mangga tuturkeun cariosan sim kuring)