Puji anu jadi panghais ati, Fuja anu jadi panghias rasa, Fuji urang sungkeun ka Gusti nu maha suci nyaeta Alloh Robbul Izzati, fuja urang sanggakeun kanu maha kawasa nyaeta Alloh Azza Wazalla, anu mana nitih wanci anu mustari ninggang dina mangsa anu lugina, taqdir tetiasa dipungkir Qadar tetiasa di singular urang sadayana dina wengi nu ayeuna tiasa riung mungpulung patepung lawung paamprok jenghok, pateupang wajah dina haflah mubarokah nu mudah-mudahan ieu riungan sing di janteunkeun ku Alloh, sing dicatetnkeun dina hiji kasaean kin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin……Teu hilap solawat siraneung salam mugia sing dikocorkeun, dikucurkeun, oge di kecerkeun ka jungjunan urang sadayana anu pang nyongcolangna sa alam marca pada ya’ni Habibana, wanabiyana Muhammad SAW. oge kulawargina,...